Pokok Pikiran Pupuhu Adat Wengkubumi Purwajagat Pabuaran tentang Subang
SUBANGBARU.com, Pabuaran – Ratusan masyarakat Karanghegar dan sekitarnya, Jumat (7/7/2017) kemarin tumpah ruah di halaman kantor Desa Karanghegar, Kecamatan Pabuaran mengikuti acara gelar budaya “Ciri Sa Nagri Cara Sa Desa”. Hadir pula dalam kegiatan tersebut para tokoh masyarakat Pabuaran, BupatiSubang Imas aryumningsih dan Bupati Purwakarta sekaligus ketua DPD Golkar Jawa Barat Dedi Mulyadi.
Berbagai bentuk seni budaya ditampilkan dalam gelaran budaya tersebut diantaranya Hajat Tujuh Tumpeng, Rajah Jagat, Ritual Tari Pohaci, Tarawangsa, Tutunggulan dan Wayang golek. Dalam kesempatan tersebut Bupati Subang Imas Aryumningsih bahkan tanpa segan ikut memainkan tutunggulan bersama warga. Sementara itu Dedi Mulyadi pada kesempatan tersebut dalam sambutannya mengungkap secara lengkap filosofi pantun yang dilantunkan Mang Ayi, seniman pantun Subang. Bahkan diakhir sambutan dirinya berjanji akan menggaji Mang Ayi Rp. 3 juta per bulan, asalkan mang Ayi membuat Paguron untuk melestarikan pantun.
Dalam kesempatan gelar budaya tersebut dibacakan pula pokok pikiran pupuhu adat Wengkubumi Purwajagat Pabuaran tentang Subang. Ke tujuh pupuhu adat tersebut yaitu; Andri Yanto, Wahyudin, Atam Permana, Tambrin Aprianto, Aby Akbar, Suwira dan Diki Faizal Akbar. Pokok pikiran tersebut dibacakan oleh Diki Faizal Akbar, yang isinya sebagai berikut :
Sampurasuun….
amit ampun nya paralun ka wujudna gusti nu Maha Agung…
jembarna ka para luluhur sabudeureun awuun…
ka ibu agung ka rama agung..
ka ibu nu teu munggaran ka rama nu teu munggaran..
deuheusna ka ibu rama nu jd cukang lantaran urang gumelar di ieu pawenangan
abdi seja deuheus tawis pangdeuheus ka kersana eyaang ……..
sarta teu hilap ka dulur nu opat nyatana
angin
seuneu
taneuh
cai
pancerna diri simkuring pun.
muga waras jati walagri raga sampurna…
Rahayu ..
Ibu bupati Subang Hj. IMAS ARYUMNINGSIH NU DIPIHORNAT
BAPAK BUPATI PURWAKARTA BAPAK H DEDI MULYADI
BAPAK DANDIM 0605 SUBANG
BAPAK KAPOLRES SUBANG
BAPAK IBU TAMU UNDANGAN ANU SAMI Nu SAMI dipihormat
“CIRI SA NAGRI CARA SA DESA”
Desa Mawa Cara Nagara Mawa Tata
Dina Ngertakeun Bumi Lamba.
Ieu subang masih anu urang
Urang subang tandang makalangan
Subang anyar SubangBARU
Dina hiji sisimpangan zaman
dina eling atawa henteu elingna
kiwari jeung wanci kahareupna
Subang mangrupa titik pancer ekonomi dunia
Perluasan megapolitan Jakarta
jeung pangwangunan trans Jawa
nu geus aya di hareupeun mata
kudu bisa nimbulkeun rasa deudeuh jeung nyaahna….
nalika Subang lir ibarat panto gapura ….
nu taya pangjagana.
Ayeuna mun pamarentah daerah jeung rahayat can siap nyanghareupan persaingan ekonomi global
akibatna loba nu bakal katinggal
Kudu aya pamikiran anyar
Strategi anyar
Tata kelola nuanyar
Jeung visi nu anyar
Gerakan anu anyar
Keur subang anyar nyatana Subang Baru
Gerakan masyarakat sipil biasa
Nu bisa Ngarekontruksi Subang jadi unggul
Ku cara nata infrastruktur
Keur ngajaga rahayat nu berbudaya
Nu bakal ngalahirkeun generasi kaharepna
Ieu bisa dilakonan ku pamarentah anu beresih jeung gaduh orientasi kana pelayanan ka rahayatna
SUBANG ANYAR nyaeta SUBANG BARU
Yen Urang Subang bakal NgaDorong pemangku kebijakan anu kudu patuh kana hukum jeung aturan perundang-undangan, oge ngarojong penegakkan hukum pikeun anu nyalahgunakeun wewenang kakawasaan
Urang Subang kudu Ngadorong keterlibatan publik jeung para pemangku kepentingan dina proses perencanaan, pengawasan sareng evaluasi pembangunan di Kabupaten Subang
Urang Subang kudu Ngadorong lahirna pamimpin jeung kapemimpinan anu bersih, jujur, transparan jeung adil oge mikacinta rahayatna ku sumanget pangabdian anu tulus tanpa pamrih.
Saha jeung dimana atuh urang Subang?
Urang Subang nyaeta anu aya di tiap tiap palemburan
Nu ngarti kana nilai nilai kahirupan…
Nilai agama jeung berketuhanan
Nilai nilai kamanusaan
Nilai nilai kabangsaan
Nilai nilai kaharahayatan
Nilai nilai kaadilan
Nu nyatana nyaeta Pancasila
Nu jadi landasan hirup berbangsa jeung bernagara
Urang lembur atanapi masyarakat adat ieu anu bakal jadi solosi pikeun masalah masalah anu bakal ka sorang
Mun kamari urang teu hariwang lantaran pangaruh budaya bangsa sejen nu asup ka urang
Naha ayeuna urang kudu teu hariwang lantaran nu asup lain pangaruh budayana… tapi datang asupna bareng jeung wujud manusana.
Ieu tangtisna bakal tagiwur jeung urang ayeuna
Subang jadi gerbang utama asupna bangsa sejen…
Patimban mangrupi palabuhan internasional salah sahijina
Teu cekap ukur ku endanhna gapura gapura …nu diwangun ku sarerea…
Tapi eta gapura kedah jadi siloka pikeun urang…
Yen gapura tanpa pangjaga lir ibarat ..
Nuduhkeun eta tempat anu kalintang luhur hargana tapi dibebaskeun mangga rek dikumaha….
Saha nu ngajagana…
Nujagana nyaeta sikap mental jati diri urang nyaeta jati diri urang subang…
Urang Subang anu bakal pangheulana pagiling gisik jeung bangsa sejen
Can ayana panggeuing bisa jadi nu pangheulana nimbulkeun persoalan
nyaeta urang nu aya didieu ayeuna…
Arus Investasi jeung datangna pendatang moal bisa dihindari…
Sabisa bisa urang ukur bisa nyalametkeun naon nu bisa disalametkeun
Sabisa bisa urang Ukur bisa mertahankeun naon anu ukur bisa dipertahankeun
Lain kajadian anu bakal engke…
Tapi ayeuna keur kasorang
Nu Kudu Hade basa someah ka semah
Nyaeta ka semah anu bisa pindah cai pindah tampian sangkan jati teu kasilih kujunti…
Ayana ki jaga tirta
Ayana ki jaga raksa
Ayana ki jaga gama
Ayana ki jaga wana
Jeung nu sanesna
Mangrupi tekad nyata pikeun ngajaga lembur ngaraksa desa
Desa mawa cara nagara mawa tata ngarumat tali paranti dina ngertakeun bumi lamba
Acara ka acara dina wengi ieu parantos ka pedar…
Sanes ukur seremonial… tapi kedah ngawaruga janten jati diri pikeun nyorang zaman dugi ka tiasa nangtunganana…..
Tata tani sistem domino kedah tiasa nguatkeun ketahanan pangan…
Nu rebuan hektar sawah gagal panen …
Moal aya solusi mun ukur silih tuding nunjuk saha nu salahna….
Ku sumangetna para nonoman lembur … di kanpung adat suka hayu…ngariung mecahkeun soal soal ieu… dugi kiwari di desa karang hegar pabuaran sanes ukur basa basi sok sanaos dukuat kaitkeun sareng usumna politik tapi sing yakin yen ieu diwangun ku kasadaran micinta ka Subang…
Subang anu urang… urang anu Subang…
Cag rampes rahayu…
Wassalamualaikun wr wb.